Bapak/Ibu guru nu kusimkuring dipihormat
sareng sadaya rencangan abdi nu dipikacinta
langkung tipayun mangga urang sanggaken puji sareng syukur urang ka ALLAH SWT nu parantos maparih waktos ka urang sadayana dugi katiasa patepang raray dina ieu acara, allhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat walafiat.
Para siswa sareng bapak/ibu guru anu dipihormat. Dina ieu waktos simkuring bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadaya. Luyu jeung hadist rasulullah SAW, kebersihan teh sabagia tina iman, salaku jalma anu iman, urang tangtuna moal ngalalaworakeun perkara kabersihan, urang sadaya kedah ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan di jauh keun tina sagal panyakit, kumargi kitu urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin eta contoh hirup anu sehat. Conto nu sanesna miceun runtah ka tempatna, nyiduh ulah dimana wae, batuk atawa baresin kudu nutupan baham. Saupami sadidinten urang ngajaga kabersihan awak urang bakal baresih atanapi suci tina sagala kokotor. Berih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan sabubudeureun urang, urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.
Hadirin sadaya cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas tti abdi, bilih aya basa nu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
hatur nuhun kana perhatosanana
WASSALAMUALAIKUM WR WB